Rabu, 23 Oktober 2019

Dongeng Sunda Kibata Jawara Galunggung

Ki Bata Jawara Galunggung Ngajarkeun Fiqih Dakwah Ka Muridna (Dongeng Sunda Bagian 1)

Kacaturkeun dina hiji mangsa di wewengkon gunung galunggung tasimalaya, aya hiji saung anu bangun pikabetaheun. Hareupeun eta saung aya balong anu curcor ku cai, barijeung pinuh ku lauk, tukangeun eta saung eyeub ku rupa-rupaning pepelakan kayaning bonteng, cabe terong jeung sayuran sejena.  Horeng simana horeng eta saung teh tempat cicingna hiji jawara kahot anu kasohor kasaktiana nu katelah ki bata.

Pabebeurang waktu harita,  ki bata keur kurad kored hareupeun tajub dibarengan ku jang alam jeung jang usup nu teu aya lian iwalti muridna.  Sabet kitu pok ki bata nyarita “ Duh dak asa geus cape dekah euy,,,rek rereuh hela ah” kitu pokna bari ngaleos indit ka saung. Barang nepi ka saung cur ki bata nyicikeun cai kana emuk, leguk leguk ki bata nginum eta cai bangun nikmateun pisan. Alhamdulilllah...nikmat gusti.. “Lam, Sup Kadarieu ngopi heula euy....! “ kitu pokna ki bata nyalukan muridna.
Ngadenge digeroan ku guru, alam jeung usup gura giru nyalampeurkeun ka saung..barang nepi ka saung pok kibata harita”Sok Ngaropi heula kainyah, keun barang gawe mah gampang ke tuluykeun dei”  Muhun ki tembal alam bari terus nyicikeun cai. “Lam, Sup kumaha Jurus Banting Baja teh geus kataraekan can?  Cik sok praktekeun kaituh!!” Nguping Pertanyaan kitu alam jeung usup karah silih reret jiga pajurung jurung.“jig lam ku hidep kaituh praktekeun tuh di palataran!”  Muhun mangga ki, jawab alam bari terus  jrut turun tina golodog muru ka palataran. Sabet kitu ki bata reup peureum bari kunyam kunyem ngawatek aji Gero Sato. Seok angin badag ngagelebug ! ! jleng teh aya bagong badag luncat ka hareupeun jang alam. Jang alam mundur bari terus masang kuda kuda. Der teh jang alam duel jeung sakadang bagong,, seok bagong nyuruduk jang alam,  jleng jang alam luncat, suruduk dei eta bagong nyerang,  jleng dei jang alam luncat. Lila kalilaan jang alam soak ku serangan eta bagong. Jleng atuh jang alam luncat mundur terus nguatkeun kuda kuda bari nyobaan ngawatek ajian Banting Baja,  barang beres macakeun ajian, seak alam lumpat bari ngeupeulkeun pereupna rek narajang si bagong,, sibagong oge suruntul nerang ka jang alam, ahirna jebred peureup jeung hulu bagong di adu, kalayang alam ngacleng jauh, rumpuyuk alam namru teu walakaya.
Ninggali kitu, kolepat jang usup lumpat nulungan sobatna, tapi barang nepi ka palataran suruduk bagong narajang ka jang usup, kalayang,, gebru jang usup oge namru. Seok  sora angin ngaguruh dei, terus belesat weh bagong badag teh lumpat dei ka leuweung... “Ha ha ha ... Kunaon karah nalamru kasep” Guyen ki bata bari melong ka muridna.
Kuniang,, alam jeung usup harudang bari nyerekel cangkeng ngarasakeun kanyeri, terus laleumpang bari engklod nyalampeurkeun dei ka guruna. Barang nepi ka saung “ hahaha sok lah ngaropi dei kainyah!! Sugan teh geus ka taraekan eta jurus teh... “  Duh ki latihan mah sapeupeuting kami teh tapi teu kataekan wae gening ning... “Hahaha kasep anaking, pikeun ngawasa eta elmu, hidep kudu baralik heula ka lembur hidep pieun menta do’a sacara khusus ka indung hidep” matak wayahna ke lohor mah baralik heula ka lembur kaituh? Muhun ki mangga insya alloh !! “jeung kade hidep di lembur sabisa-bisa sing bisa ngabagjakeun kolot oge bisa negakeun bebeneran di masarakat sakamampuan hidep sanajan ngan sapoe atawa dua poe aranjeun di lembur”  kitu gunem catur anatara murid jeung guru di eta saung...
Singkat carta saba’da ngalaksanakeun solat lohor, jang alam jeung usup ngagarandeuang mapai jalan satapak di barengan ku angin nu ngahiliwir jeung recetna sora manuk nu silih tembalan.
Kira kira wanci isa, jang usup jeung alam nepi ka imahna masing masing, terus kacarai terus parereum kalawan tibra, maklum geus perjalanan jauh ampir  anu ampir satengah poe...
Poe isukna sakumaha papatah nu jadi guru, usup jeung alam naralang marantuan pagawean kolotna masing masing. Jang usup harita mantuan bapakna macul di sawah da bapakna tukang kasawah, ari alam nampolan suluh we di pipir imahna da bapakna tukang ngajualan suluh. Duana digarawe meni harusu tur sarumanget....
Barang nepi waktu lohor, alam jeung usup arindit ka masigit di lemburna masing masing! Duana bener bener mejeuhna sarumanget dina ibadah. Jang usup harita gagancangan indit satengah lumpat ngajugjug ka masigit da sieun tinggaleun solat berjamaah. Di satengahning perjalanan ka masjid jang usup ninggali aya mang diman keur gugulantungan ngala cengkeh!! Atuh saharita jang usup inget kana amanat nu jadi guru yen sanajan sakeudeung dilembur kudu bisa ngjak bebeneran ka masarakat. Pok atuh jang usup nyarita “ asalamualaikum,, weuy mang kur naon? Walikum salam jang keur panen jang euy..!! kitu jawab mang diaman.  kakuping bedug teu mang? Hayu solat heula! Ke jang sakeudeung dei kagok ledok baju euy.. euh ari emang geus boga elmu pikeun nahan panasna naraka zahanam? Kana ibadah teh meni lalei pisan.. hayu mang!! Kitu ceuk jang usup  ngajak ka masjid ka mang diman! Jang usup tenang we da ngarasa keur dakwah ngajak kana hade, sakumaha papatah nu jadi guru. Ngadenge bahasa kitu mang diman nu keur cape fi gawe naek darah,  huntu kekerot panon molotot bari terus ngagorowok “Hei wewewlek Naha sia teh meni eweuh kasopanan ka kolot teh” Eh mang uingah ngajakan solat, naha mang mah karah jadi ranteng urat? “ Tungguan siah!!!” Gorowok si emang bari tuluy turun tina tangkal cengkeh muru ka jang usup. Barang nepi habek mang diman nampiling ka jang usup! “ walahhhhh... jang usup ngoceak kanyeyerian “ Hei mang sok rek saparing jeung uing? uing mah teu sieun paeh demi bebeneran mah!! Kitu ceuk jang usup bari tuluy masang kuda kuda, sok mang rek kumaha? Atuh mang diman beuki keuheul akhirna duana durder garelut silih banting silih tajong.
Tapi ngaranage kolot, mang diman geus loba pangalaman, legok tapak genteng kadek,  tangtu teu bolostrong kosong,  mang diman teh sihoreng ngaem ajian banting baja, seak mang diman narajang jang usup make eta ajian.. rumpuyuk jang usup namru... hahariringan... leos weh geus kitu mah mang diman indit ninggalkeun jang usup bari semu kukulutus..
Cag heula kaayan jang usup anu namru ngararasakeun kanyeri, ayena urang banungan kaayaan jang alam! Harita jang alam sarua kawas jang usup gagancangan muru kamasigit jeung di perjalanan sarua jang alam oge aprok jeung jalma nu keur panen disawah. Jang alam sarua deih inget kana amanat nu jadi guru pikeun ngajak bebeneran pok atuh jang alam nyarita “ Asalamualaikum !! Waalaikum salam jang.. Nuju panen mang? Kumaha hasil panena mang ? muhun jang panen, alhamdulillah jang lumayan... syukur atuh mang ari kitu mah, mugi barokah mang hasil panenna. Amin jang!! Ujang bade kamana? Bade ka masigit mang, tos bedug kan mang? Atos panginten jang.. Hayu atuh mang urang ka masigit heula!! Duh jang kagok bolodog euy,,, ke we jang sakeudeung dei!! Moal nanaon lin? Kitu pokna si emang!! Jang alam seuri bari tuluy ngajawab “ Mang naha nu palih ditu mah pare teh can di panen? Acan jang pan nu itu mah can asak can waktuna di ala, ari nu ieu mah geus waktuna ala. Padahal mah ke we barengkeun atuh mang!! Lebar jang sok morolok mun teu gewat di ala teh lebar atuh!!! Kitu jawab si emang “Mang hapuntena abdi nya, bilih kirang sopan “Sholat oge sami kawas panen pare, aya waktuna masing masing, lamun dilaksanakeun tepat dina waktuna bakal untung, lamun di engkekeun bakal rugi.. Mangga mang abdi ti payun!!” aslamu alaikum!! Walikum salam...mangga jang jawab si emang bari tuluy ngahuleng mikiran bahasa jang alam. Lila lila beuki kapiir “Emmh bener pisan bahasa budak teh, jleng atuh si emang hanjat tisawah tuluy ka cai nuturkeun jang alam ka masigit!!!
Singkat carita jang alam jeung jang usup saenggeus marenta do’a jeung restu indungna  masing masing, baral dua nana marangkat dei muru ka gunung galunggung.. di perjalanan jang alam aprok jeung si emang nu tadi ngala pare. “ asalamualaikum jang... bade kamana? Walikum salama mang, bade ka galunggung dei mang neraskeun nyuprih elmu. Nyuhunkeun pidoana mang nya.. muhun jang komo we di doakeun pisan!! Emang nganuhunkeun pisan ka ujang duh geus ngelingan emang tadi. Insya alloh amang rek suhud kana solat ayenamah! Syukur atuh mang ari kitu mah mugia istiqomah mang.. amin amin jang... !! jang nitip salm atuh jang ki bata jang bari bawa yeuh kueh saalakadrna keur buru burueun si aki diditu, pok si emang bari ngasongkeun jingjingan nu eusina rupa rupaning dahareun. Terus weh jang alam nuluykeun perjalanana...
Singkat carita jang alam jeung jang usup geus nepi ka saung kibata “ Asalamu alaikum” waalaikum salam.. kolotrak si aki muka panto saung “ bagya anaking ning geus kadarieu dei!!! Sok sok kainyah dariuk. Pok si aki bari tuluy pang nyiciankeun cai keur muridna. “Kmha jang  kulawarga sarehat?” alhamdulillah ki, alhamdulillah ki,, !! ke ke kunaon hidep sup jiga nu ripuh kitu? Bati nyebarkeun kahadean ki sakumaha amanat aki “ jawab usup harita!  Tah ieu ki  aya oleh oleh ti urang lembur, hatr lumayan saurna ki!! “Alhamdulillah.. “ akhirna duanana nyaritakeun pangalamana di lemburna masing masing!! “Hahaha jadi hidep mah lam negakeun bebeneran teh menang dahareun, ari usup mah menang peureup ? hahaha anaking!! Negakeun bebeneran memang beurat, tapi gumantung ka urangna kmha ngadugikeuna sabab aya dua tipe jalma di dunia teh “ Aya anu negakeun bebeneran ngagenahkeun nu ngadenge, aya oge anu nepikeun bebeneran asal ngeunah nyampaikeunana” tah hidep mah kudu jadi nu kahiji, nyaeta anu ngadugikeun bebeneran matak ngeunah anu ngadenge, supaya herang caina kaala aukna jang!! Kitu pok si aki mamatahan muridna. Terus weh jang usup jeung jang alam ungut

Cerita dilanjutkan Bagian Dua...
Untuk video bisa di lihat bawah ini :


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

bagaimana tanggapan anda???